Macem Maceme Geguritan

Macem Maceme Geguritan - Ada beberapa jenis Geguritan yang akan kita bahas pada artikel ini. Dan semua penjelasan tentang geguritan ini kita bahas semua murni dengan memakai bahasa jawa.

Berikut penjelasannya :

Kecap Guguritan

Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta grath anu hartina nysun karangan, dina basa sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangsing.

Macem Maceme Geguritan

Nurutkeun wincikanana dangsing atawa pupuh the aya tujuh welas, nu masing- masingngabogaan watek nubeda- beda. Istilahna:

  • Pada
  • Padalisan
  • Guru wilangan (jumlah engang dinaunggayal padalisan)
  • Guru lagu ( dangdingdungna sora vocal dina engang panungtung)


Macam- macam pupuh atawa guguritan:

  1. Asmaranda
  2. Balakbak
  3. Dangdanggula
  4. Jurudemung
  5. Durma
  6. Gambuh
  7. Gurisa
  8. kinanti
  9. Ladrang
  10. Lambang
  11. Maskumambang
  12. Mijil
  13. Pangkur
  14. Pucung
  15. Magatru
  16. Sinom
  17. Wirangrong


Asmaranda
Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.

Contona:

  • Eling eling masing eling (8 engang – vocal ‘I’)
  • E/ling/e/ling/ma/sing/e/ling (=guru wilangan 8)
  • ‘eling’ panungtung vokalna i (=guru lagu i)
  • Rumingkang di bumi alam ( 8- a)
  • Darma wawayangan bae ( 8– e)
  • Raga taya pangawasa ( 8– a)
  • Lamun kasasar lampah ( 7- a)
  • Nafsu nu matak kaduhung ( 8- u)
  • Badan anu katempuhan ( 8- a)


Dangdanggula
Watekna bungah atawa agung. Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.

Contona:

  • Laut kidul kabeh katingali ( 10- i)
  • Ngembat paul kawas dina gambar ( 10- a)
  • Ari ret ka tebeh kaler ( 8- e)
  • Batawi ngarunggunuk ( 7- u)
  • lautna mah teu katingali ( 9- i)
  • Ukur lebah lebahna ( 7- a)
  • Semu semu biru ( 6- u)
  • Ari ret ka tebeh wetan ( 8- a)
  • Gunung gede jiga nu ngajak balik ( 12- i)
  • Meh bae kapiuhan ( 7- a)


Jurudemung
Watekna kaduhung atawa hanjakal. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.

Contona:

  • Badan nu katempuhan ( 8- a)
  • Da bongan ngalajur nafsu ( 8- u)
  • Peurihna kapanggih ( 6- i)
  • Rek bongah bongan ka saha ( 8- a)
  • Ayeuna bati kaduhung ( 8- u)


Durma
Watekna heuras atawa siap rek tarung. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.

Contona:

  • Mundur mapag balad pandawa teu tahan ( 12- a)
  • Barisan beuki ipis ( 7- i)
  • Digempur kurawa ( 6- a)
  • Senapatina karna ( 7- a)
  • Sakti manggulang mangguling ( 8- i)
  • Hese pantarna ( 5- a)
  • Moal aya nu nanding ( 7- i)

Baca juga : Kumpulan Geguritan bahasa Jawa

Gambuh
Watekna bingung, samar polah atawa tambuh laku. Unggal pada dieangun ku lima padalisan.

Contona:

  • Ngahuleng banget bingung ( 7- u)
  • Henteu terang ka mana ngajugjug ( 10- u)
  • Turug turug harita the enggeus burit ( 12- i)
  • Panon poe geus rek surup ( 8- u)
  • Keueung sien aya meong ( 8- o)


Gurisa
Watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel. Unggal pada di wangun ku dalapan padalisan.

Contona:

  • Haying teuing geura beurang ( 8- a)
  • Geus beurang rek ka sumedang ( 8- a)
  • Nagih anu boga hutang ( 8- a)
  • Munmeunang rek meuli soang ( 8- a)
  • Tapi najan henteu meunang ( 8- a)
  • Teu rek buru buru mulang ( 8- a)
  • Rek tuluy guguru nembang ( 8- a)
  • Jeung diajar nabeuh gambang ( 8- a)


Kinanti
Watekna mihareup atwa prihatin. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.

Contona:

  • Lembang ros ku matak lucu ( 8- u)
  • Nya alus rupa nya seungit ( 8- i)
  • Henteu aya papadana ( 8- a)
  • Retuning kembang sajati ( 8- i)
  • Papas di patamanan ( 8- a)
  • Seungit manis ngadalingding ( 8- i)


Ladrang
Watekna banyol pikaseurien. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.

Contona:

  • Aki dartam leumpangna ngagidig ( 10- i)
  • Gancang pisan, gancang pisan ( 8- a)
  • Bari aya nu dijingjing ( 8- i)
  • Mawa kisa eusina ucing anakan ( 12- a)


Lambang
Watekna banyol atawa pikaseurieun. Unggal pada diwangun iu opat padalisan.

Contona:

  • Nawa kubang sisi tegal ( 8- a)
  • Nyair bogo meunang kadal ( 8- a)
  • Atuh teu payu dijual ( 8- a)
  • Rek didahar da teu halal ( 8- a)


Magatru
Watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.

Contona:

  • Mun sumuhun ieu the namina curuk (12- u)
  • Nu alit namina cingkir ( 8- i)
  • Anu panjang mah jajangkung ( 8- u)
  • Gigireunana jariji ( 8- i)
  • Anu pangageugna jempol ( 8- o)


Maskumambang
Watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa. Unggal pada diwangun kiu opat padalisan.

Contona:

  • Jalma keful mumul ditambah jejerih ( 12- i)
  • Ulag ngarep senang ( 6- a)
  • Sabab mungguhing rejeki ( 8- i)
  • Tara dating teu disiar ( 8- a)


Mijil
Watekna sedih, susah atawa cilaka. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.

Contona:

  • Beurang peuting tambah cape ati ( 10- i)
  • Jeung tambah rampohpoy ( 6- o)
  • Wungkul inget ka kabogoh wae ( 10- e)
  • Mugi aya kadar panggih deui ( 10- i)
  • Mun teu panggih deui ( 6- i)
  • Anggur pondok umur ( 6- u)


Pangkur
Watekna nafsu, lulmampah ata sadia rek perang. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.

Contona:

  • Seja nyaba ngalalana ( 8- a)
  • Ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12- i)
  • Henteu puguh nu dijugjug ( 8- u)
  • Balik paman sadaya ( 7- a)
  • Nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12- u)
  • Lurah begal ngawalonan ( 8- a)
  • “aing ngaran jayapati” ( 8- i)


Pucung
Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.

Contona:

  • Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12- u)
  • Jeung nyenangkeun bapa ( 6- a)
  • Tanda yen bagjana gede ( 8- e)
  • Hirup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12- a)


Sinom
Watekna gumbira. Unggal pada diwangun ku salapan padalisan.

Contona:

  • Diwetann fajar balebat ( 8- a)
  • Panon poe arek bijil
  • Sinarna ruhay buruhay
  • Kingkilaban beuruem kuning
  • Campur wungu saeutik
  • Kaselapan semu biru
  • Tanda batara surya
  • Bade lumungsur ka bumi ( 8- a)
  • Murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12- a)

Wirangrong
Watekna era atawa wiring. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.

Contona:

  • Jalma nu resep ngaluis ( 8- i)
  • Lumrahna resep ngaleos ( 8- o)
  • Ngan pacuan resep ngasut( 8- u)
  • Komo mun resep ngarujit ( 8- i)
  • Teu aya batan basajan ( 8- a)
  • Sagala sigar tengahan ( 8- a)


Demikianlah artikel tentang Macem Maceme Geguritan, semoga bisa menjadi informasi yang bermanfaat untuk para pembaca setia blog pustaka ilmu. Terimakasih

Post a Comment for "Macem Maceme Geguritan"